Monday, 20 July 2009
Ujang Pucung
Thursday, 18 June 2009
Monday, 9 March 2009
Harti jeung Sajarah Kecap Sunda
(Yasana Mang Ayat)
Kamus Jawa Kuna yasana Prof. Dr. P. J. Zoetmulder (suwargi), Old Javanese-English Dictionary (1982, 2 jilid), netelakeun yen jejer sunda teh mangrupa sawanda atawa homonim. Jejer kahiji dihartian ‘nyarande’, ari anu kadua mah cenah aya pakaitna jeung nagara nu ngaranna Sunda (k.1851).
Ari dina basa Sangsakerta, nyaeta basa nu saenyana mibanda eta kecap, hartina teh leuwih ti hiji. Dua diantarana, hartina teh ‘cahaya’ jeung ‘cai’. Lebah patalina jeung widyanamaatawa toponimi (elmu nu maluruh jeung nalungtik sajarah asal-usul ngaran tempat), raratan nu aya kieu :
Bukti pangkahotna nu aya di “jero nagara” mangrupa prasasti Kebon kopi 2, unina ba (r) pulihkan haji sunda ‘mulihkeun (kakawasaan)raja Sunda’.
Titimangsa eta prasasti teh ngagunakeun candrasangkala, nyaeta kalimah atawa omongan nu ngandung “harga” angka taun. Unina, kawi haji panca pasagi. Tah, lebah murahan eta candrasangkala, para sarjana teh henteu sapuk. Aya nu boga pamadegan yen nyurahanana kudu sakumaha sasari, dibalikkeun. Nya kapanggih taunna teh 458 saka atawa 536 Masehi. Ngan ku lantaran nu sawareh deui mah nganggap yen wangun aksarana teu pati kahot, ceuk maranehna mah nyurahanana kudu diiwalkeun. Hartina, ulah dibaca ti tukang, tapi tetep ti hareup. Nya angka ku kapanggihna teh 854 Saka atawa 932 Masehi.
Prasasti sejen nu nyebut sunda nyaeta prasasti Bantarmuncang atawa Sanghiang Tapak nu dikaluarkeun ku Maharaja Sri JayabhupatiJayamanehanWisnumurtiSamarawijayaSakalabhuwanamandaleswaraninditaHaroowardhana Wikramottunggadewa nu nyakrawarti salila 12 taun (1030-1042 Masehi).
Prasasti nu dikaluarkeun taun 1030 masehi teh diantarana nyebutkeun yen Sri Jayabhupati teh hiji raja sunda ‘raja di nagara Sunda’ sawata kali, ari nagarana disebut /prahajyan sunda /‘karajaan
> sunda’. Malah aya hiji prasasti ti jawa Timur nu dianggap dijieun dina mangsa pamarentahan raja Erlangga (1019-42 M), Nyaeta prasasti Horen nu nyebutkeun /satru sunda’/musuh (ti) sunda’.
Ari prasasti Kabantenan nu dikaluarkeun ku raja Sri Baduga Maharaja (1482-1521 M) nu harita jumeneng raja apilenggah di pakwan Pajajaran mah nyebutkeun diadegkeunana sawatar kabuyutan, salasahijina dingaranan S/unda Sembawa./ Padahal ari dina naskah-naskah Pangeran Wangskerta spk. mah, Sumba Sembawa teh ngaran anak Maharaja Tarusbawa ti karajaan Sunda nu lantaran kaburu maot, teu kungsi jadi raja.
Lian ti dina prasasti, kecap /sunda / teh aya rengkolna disawatara naskah buhun, boh nu ditulis make basa sunda, boh dina basa sejen. Nu geus puguh gelempengna dina sajarah mah nya naskah /Sanghyang Siksa: Kanda ng Karesian (/1518) jeung naskah /Carita Parahyangan (/1580).
Naskah sejen mah, sok enya oge nyabit-nyabit kecap /sunda/, can kapaluruh raratan sajarahna. Wajar kituna tea mah, da karereanana naskah buhun teh eusina ngeunaan agama atawa atikan enggoning kumaha carana ngahontal sajating hirup.
Sumber mancanagara oge aya nu nyebut kecap /sunda/ atawa nu disurahan yen eta teh Sunda. Upamana wae Tome Pires (1513) nyebutkeun yen nagara harita murba di jawa tebeh kulon tur boga hubungan niaga jeung Portugis di malaka teh ngaranna /regno de cumda /‘karajaan Sunda’. Atuh pon kitu deui Antonio Pigafetta (1522), jalma nu pangmimitina nyusun kamus basa Melayu-Itali. Ngembarkeun yen harita nagara sunda teh kawentar minangka nagara nu rea ngahasilkeun sahang atawa marica. Komo Camoes mah, panyajak nu harita milu jeung Magelhaes ngurilingan dunya, dina salasahiji sajakna ngan nyebut nagara Sunda, ari Majapahit mah teu disigeung pisan. Teu mustahil kituna teh, bubuhan harita (1522) Majapahit geus runtag (1478), padahal Sunda mah kapan burakna teh karek taun 1579, saabad bada Majapait! Dina sumber Cina, babakuna ti jaman dinasti Ming (1368-1643), eta nagara katelahna /Sun-la/.
Mun seug urang ngagugu kana embaran dina /Carita Parahyangan/, saenyana mah nagara Sunda teh umurna leuwih kahot. Kapan eta naskah teh ngajentrekeun yen Sanjaya ti Galuh (ayeuna mah Ciamis jeung wetaneunana) keur mangsa rumajana kungsi ngumbara ka pakulonan, nya eta ka nagara Sunda. Malah antukna mah dipulung minantu ku /tohaan di sunda/ ‘raja di Sunda’ nu katelah Maharaja Tarusbawa tea.
Ceuk para sarjana, Sanjaya atawa Rakean Jambri dina /carita parahyangan /teh sarua jeung Sanjaya nu disebut dina prasasti Sthirengga atawa Canggal (732). Mun enya kitu, hartina teh meureun, ngaran Sunda geus kanyahoan ku balarea pangleuirna oge dina katompernakeun abad ka tujuh.
Samalah naskah Pangeran Wangsakerta spk. ngembarkeun yen Tarusbawa ngembarkeun ngadegna nagara Sunda nu murba teh taun 669, ukur heuleut poe bada raja panutup Tarumanagara, Linggawarman (666-0) maot.
Ari naskah wangsakerta mah, kecap /sunda /teh malah geus digunakeun ti ahir abad kaopat, atawa awal abad kalima keneh. Dina taun 395, bada dijungjung lungguh jadi raja Tarumanagara ti Wewengkon pagunungan di Jayasinghapura (kuduna mah Jasinga kiwari eta teh!) ka daerah basisir.
Teuing lebah mana, ngan meureun mo pati jauh di daerah nu kiwari katelah Jakarta nu kungsi jadi palabuan panggedena tur pang hadena di nagara Sunda.
Pakemitan anyar teh dingaranan /Sundapura/ nu pihartieunana bisa ‘dayeuh Sunda’. Bisa ‘nagara Sunda’. Lantaran nagarana masih dingaranan Tarumanagara, tangtuna leuwih mmerenah milih nu kahiji, nya!
Mindahkeun pakemitan teh teuing iraha, ngan sigana antara taun 395 jeung 400 Masehi.
Jadi, satemenna mah Sunda minangka ngaran nagara geus sohor ti mangsa baheula keneh. Geus aya ti katompernakeun abad kaopat(naskah wangsakerta), atawa sahenteuna ti abad kagenep (prasasti Kebonkopi 2 surahan biasa). Abad kasapuluh (prasasti Kebonkopi 2 surahan husus), abad kasawelas (prasasti Sanghyang Tapak).
Ari kuduna mah, mun ngaranna kaitung geus kacida kahotna kitu, eunceup pisan mun seug prestasina oge gumilang; babakuna ti maranehna nu teu weleh ngagung-ngagung kasundaananan.
Prung lah, urang lawung………….



